WAWACAN

WAWACAN   1          
Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNG 
Ku                 : Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga

ASMARANDANA

Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna.

Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda.

Guru Minda hiji wengi, ngimpen tepang sareng mojang, geulis teu aya nu nedeng, ayana di alam dunya, naga Pasir Batang, anjeunna keukeuh rek lungsur, milari ka Pasir Batang.

Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasep, gentos rupa janten hewan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarubng, nembe lungsur ka dunya.


KINANTI

Ayeuna anu kacatur, aya nagara nu mukti, nyeta Pasir Batang tea, kamashur kamana-mendi, rajana geus palay tapa, milari saha keur ganti.

Putrana the aya tujuh, sadaya istri gareulis, anu cikal Purbararang, Kancana jeung Purba Manik, Dewata jeung Purba Endah, Purbaleuwih, Purbasari.

Ti antara putrid tujuh,, Purbasari nu kapilih, sae kalakuanana, lemes basa luhur budi, atuh rakana nu cikal, Purbararang bendu galih.

Anu sanes oge kitu, mikangewa Purbasari, kajaba aya saurang, nyeta putrid Purbaleuwih, ka Purbasari miheman, tara ngiring nganyenyeri.

Memeh angkat raja sepuh, palay pisan tuang daging, ka Lengser lajeng miwarang, supados Aki Panyumpit, gancang moro sato hewan, naon wae nu kapanggih.

Ari seug mung manggih lutung, tapi waktu rek disumpit, lutung te bias nyarita, "Eh Aki ulah rek meuncit, kuring teh mending dibawa, sanggakeun ka Kangjeng Gusti,"

Lutung the teras diingu, gawe ngintip para putrid, ka Purbararang mah ngewa, ka nu sanes oge sami, kajaba ka nu duaan, Purbaleuwih Purbasari.

Purbararang nuju ninun, kantehna diburak-barik, atuh putrid bendu pisan, Si Lutung terus dibui, tara pisan diparaban, nu geten mung Purbasari.

Enggeus angkat raja sepuh, digentos ku Purbasari, tapi direbut rakana, Purbasari mah diusir, Si Lutung anu marengan, ditundung ka leuweung rumpil.

Di leuweung kadua lutung, saungna ku daun eurih, Purbasari teh nalangsa, sok sering sumegruk nangis, ku lutung teh diupahan, ngigel ngalelejar putri.



Sumber: LIMA ABAD SASTRA SUNDA (SEBUAH ANTOLOGI JILID 1)
Penerbit: GEGER SUNTEN - BANDUNG







Wawacan ka-2

Cutatan tina Wawacan Panji Wulung

Asmarandana

Sambatna Nyi Tunjung Sari, ku raja henteu dimanah,
enggeus dimeureunkeun baĕ, tangtu nampik kana dosa, jeung
lumbrah manusa, di mana nu maling ngaku, enggeus kudu
nampik dosa.

Nya kitu deui Panolih, sasambatna teu paĕdah, eaturkeun
geus nepi baĕ, ka pakuwon kapatihan, Ki Patih langkung susah,
tina watirna kalangkung, ka ĕta Nyi Tunjung tĕa.

Ku Ki Patih geus kajudi, yĕn dijerum ku maruna, sanajan
Ajar gĕ bohong, ku Ki Patih geus katingal, enggeus meunang
dongdonan, nu matak Ajar sakitu, diupah ku Pramĕswara.



Kinanti

Laju lampah Panji Wulung, diiring ku Jayapati, Ki
Janggali Ki Janggala, jeung baturna Jayapati, ngaran Ki Kebo
Manggala, kalima Kebo Rarangin.

Turun gunung unggah gunung, nyorang lebak nyukang
pasir, ngaliwat kana bubulak, sampalan badak jeung sapi, jauh
eunduk anggang datang, sumping damping ka basisir.

Radĕn ngantosan parahu, ealikna dina kikisik, disasarap
dangdaunan, daun bakung jeung badori, tamba kesel sasauran,
nyaritakeun Ajar tadi.

Radĕn Panji Wulung nyaur, kula inget omong tadi, barĕto
paman bĕbĕja, lampahna ajar nu tadi, basana dihaturanan, ka
Sokadana ku Gusti.

Keur norah seliran ratu, nu dituding pajar julig, selir tĕh
saha ngaranna, jeung saha lawanna julig, Jayapati ngawalonan,
sumuhun kanyaho kuring.

Eukeur eaturingpitutur, ngaranna Nyi Tunjungsari, asal
urang Balangbangan, lalakina pun Panolih, eariosna dipaĕhan,
malah katut pun Panolih.



Pangkur

Seja nyaba ngalalana, ngitung lembur ngajajah milangan
kori, henteu puguh nu dijugjug, balik Paman sadayana, nu
ti mana tiluan semu rarusuh, lurah bĕgal ngawalonan, aing
ngaran Jayapati.

dkĕnĕh mentas dibĕgal, tujuhjalma modar taya nu ngari,
bangkĕna tujuh patumpuk, balik manĕh ayeuna, lamun masih
kĕnĕh manĕh hayang hirup, kadieukeun banda sia, ku aing moal
dipeuneit.

Rahadĕn Panji ngandika, bari mĕsem Paman takabur
teuing, pati batur diganggu, mangkĕ earalik heula, ieu eatang
nu malang sumangga panggul, lamun kapanggul ku paman,
kaula sumeja ngiring.

Jeung nyanggakeun babandaan, tapi lamun ku paman teu
kaindit , ku kula meureun dipanggul, ĕta minangka tanda, jadi
ĕlĕh saha nu teu kuat manggul, melengek ki lurah bĕgal, pikirna
geus rada risi.

Neuleu eatang nu malang, gedĕpisan tangtu moal kaindit,
maksakeun manĕh pĕk nangtung, eatang tuluy dipundak, teu
kabawa kĕsangna datang ka ngueur, henteu obah-obah aean,
mĕsem leleb Radĕn Panji.

Ki Jayapati nyentak, manĕh ogĕ moal enya kaindit, lamun
ku manĕh kajungjung, kami seja kumawula, rĕk nuturkeun
ka mana anu dijugjug, ngadeg Radĕn Panji dangdan, eatang
dipanggul kaindit.

(Dicutat tina Wawacan Panji Wulung, R.H. Muhammad Musa)

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA KASAJARAHAN (BABAD)

PAKEMAN BASA

KABUDAYAAN SUNDA