PAKEMAN BASA





Upama manggih basa teu kaharti, tangtu urang kudu maluruh hartina dina kamus. Ari basa pakeman
mah bakal béda jeung harti kamus, sabab ngandung harti injeuman atawa ngandung harti séjén nu lain sabenerna.

Ari pakeman basa nya éta basa atawa kekecapan anu geus matok, angger sarta ngabogaan harti husus. Anu kaasup kana pakeman basa, di antarana:

  • Babasan jeung Paribasa


Babasan jeung paribasa salah sahiji karya para karuhun jeung bujangga Sunda nu mibanda sistem ajen-inajen aktual tur relevan sarta teu laas ku kamajuan jaman.
Paribasa jeung babasan ditilik tina tingkatan budaya kaasup kana tingkat karsa, anu eusina ngandung
rupa-rupa maksud enggoning ngahontal katengtreman, kaadilan, panyalindungan dina nyorang
parobahan budaya ti mangsa ka mangsa. 
       
Nilik kana eusina bisa dibagi jadi tilu kelompok, nyaéta:
  1. wawaran luang : eusina ngandung maksud pikeun jadi picontoeun atawa pieunteungeun
  2. pangjurunglaku hade : Picontoeun gambaran laku hadé sangkan jadi tuladeun milampah kahadéan
  3. panyaram lampah salah:  jadi gambaran laku goréng atawa lampah salah sangkan ulah diturutan.

Conto Babasan jeung Paribasa

Wawaran luang: 
1) Uyah mah tara téés ka luhur
 Hartina: Tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung tabiat kolotna

2) Uncal tara ridueun ku tanduk
 Hartina: boga élmu pangaweruh mah moal hésémamawa

3) Wiwirang dikolongcatang nya gede nya panjang
 Hartina: ngalaman hiji kajadian anu matak pikaéraeun

4) Umur gagaduhan, banda sasampiran
 Hartina: Umur jeung harta banda hakékatna milik Allah Swt.

5) Ungguh baléwatangan 
Hartina: dibawa ka pangadilan

Panyaram lampah salah:
6) Ulah unggut kalinduan, ulah gedag kaanginan 
Hartina: ulah sieun, kudu gedé kawani

7) Ulah koméok méméh dipacok
 Hartina: ulah waka nyebut teu sanggup saacan dicoba

8) Ulah incah balilahan
 Hartina: ulah rék ninggalkeun tapi kudu tetep satia

9) Ulah nyeungceurikan upih ragrag
 Hartina: Ulah popoyok ka jalma nu geus kolot sabab urang gé bakal ngalaman

10) Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung
 Hartina: ulah babari bosenan, tapi kudu satia salilana

Pangjurung laku hadé
11) Kudu bisa ngeureut pakeun
 Hartina: Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki, kudu sina mahi

12) Kudu boga pikir rangkepan
 Hartina: Ulah sabongbrong, kudu aya rasa curiga.

13) Kudu hadé gogod hadé tagog
 Hartina: Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna.

14) Kudu nepi méméh indit
 Hartina: Kudu direncanakan kalawan asak

15) Kudu bisa kabula kabalé
Hartina: Kudu bisa mawa awak

Kalimah anu ngagunakeun babasan:

1.  Ulah atah anjang atuh ari ka dulur téh, Lis, bisi matak teu wawuh!

2.  Leuh kayungyun ku Galih mah, hampang birit, tara ngaengkékeun ari dititah téh.

3.  Kahadé ulah kéna-kéna boga préstasi tuluy gedé hulu, ké batur teu resepeun.

4.  Ieuh, jadi jalma mah kudu bodo aléwoh, daék tatanya ka batur ari teu bisa téh.

5.  Mang Oik mah héjo tihang, pipindahan baé bangun teu betah lila di hiji tempat.  

Kalimah anu ngagunakeun paribasa:
1.  Ulah awuntah ari boga rejeki téh, kudu bisa ngeureut neundeun, ngarah aya simpenan keur poé           isukan.  
2.  Sing getol baé diajarna, Ujang, geuning paribasa gé lamun keyeng tangtu pareng. Ku soson-soson       mah bakal kahontal nu dipimaksud.
3.  Ulah sapihak ari nyieun kaputusan téh, kudu leuleus jeujeur liat tali, bisa ngayunkeun kahayang           nu lian.
4.  Adéan ku kuda beureum Dikdik mah, pakéan kerén tapi meunang nginjeum ti batur.
5.  Urang Cibodas mah akur sauyunan, ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak, babarengan silih             rojong dina migawé naon-naon ogé.

Latihan Soal

Pék paluruh ieu babasan jeung paribasa di handap ku cara milih
hartina nu aya di gigireunana!

1. Legok tapak genténg kadék

2.Kudu bisa ngeureutneundeun

3. Heurin ku létah

4. Kumaha bulé hideungna (baé)

5. Jati ka silih ku junti

6. Awak sampayan(eun)

7. Asak jeujeuhan

8. Jadi kulit jadi daging

9. Aya bagja teu daulat

10. Jogjog neureuy buah loa

11. Kuru cileuh kentél peujit

12. Indung hukum bapa darigama

a. kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran

b. gedé timbanganana, gedé pangampurana

c. papadon agama jeung nagara

d.maké pakéan kumaha ogépantes baé.

e. jadi kabiasaan nu hésé dipiceun

f. dipikiran heula masing anteb.

g. miharep ka nu lain tanding

h. kumaha engké baé buktina.

i.rék meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.

j. ngurangan saré, ngurangan dahar (tirakat), lantaran aya nu dimaksud.

k.pribumi kaéléhkeun ku urang deungeun-deungeun (urang asing)

l. teu bisa nyaritakeun perkara kasalahan batur lantaran bisi aya matakna ka ditu ka dieu

  • gaya basa, 
  • uga, 
  • cacandran, 
  • pamali, jeung 
  • kila-kila.

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA KASAJARAHAN (BABAD)

KABUDAYAAN SUNDA