KABUDAYAAN SUNDA

Kampung Cireundeu

 “Wilujeng Sumping di Kampung Cireundeu Rukun Warga 10”, aksara latén jeung Sunda Kuna natrat dina gapura, mapag léngkah basa mimiti anjog ka tempatna téh. Padumukan katangén suhunanana, mudun ka handap. Da puguh kampung téh pernahna di léngkob, handapeun suku Gunung Kunci, Ciménténg, Gajahlangu, jeung Sayangkaak. Paeunteung-eunteung deuih jeung urut TPA Leuwigajah nu kungsi maragatkeun puluhan jiwa.
Pernahna mah di Kalurahan Leuwigajah, Kacamatan Cimahi Selatan, Kota Cimahi. Kaitung jauh ti puseur Kota Bandung mah, kira-kira 40 km laju ngulon. Merlukeun waktu perjalanan 1,5 nepi ka 2 jam. Éta gé lamun ngagunakeun kandaraan pribadi, sedeng kana umum mah leuwih lila ti sakitu. Da puguh kudu sababaraha kali ganti angkot. Ti Leuwipanjang mah naék angkot nu ka Cimahi, laju naék deui jurusan Cimahi - Leuwigajah, terus Cimahi-Cangkorah, jeung ditungtungan kunaék ojég sangkan nepi ka nu dituju.

Gapura Kampung Cireundeu
Sumber: Dok. Pribadi

Sabéngbatan mah Cireundeu téh prah baé kawas kampung  séjénna. Lebah kamekaranna gé sarua. Imah témbok ngajarengléng, atuh télévisi, radio, hapé, jeung barang éléktronik séjén gé geus lain barang anéh. Dina widang atikan gé kaitung maju, wuwuh réa nu sakola ka paguron luhur. Cindekna, tingkat ékonomina geus lumayan maju. Ngan nu matak narik, lian ti masarakatna masih kénéh nyekel pageuh tatali tradisi, kadaharan pokona gé lain béas, tapi sampeu

Balé Saréséhan.  Sumber: Dok. Pribadi

Nurutkeun katerangan, masarakat Cireundeu mimiti ngonsumsi sampeu ti taun 1918, mangsa Walanda keur ngajajah kénéh. Cenah, harita Cireundeu ngalaman paila nu matak nalangsana. Pikeun ngungkulanana, salah saurang sesepuh kampung néangan tarékah, nu satuluyna meunang pituduh sangkan ulah ngadahar kadaharan tina béas. Nya nyobaan ganyol, taleus, jeung hajeli pikeun gantina. Tapi teu kuat lila, nu antukna pindah kana sampeu nepi ka kiwari.

Pantes rék kituna téh, da puguh Cireundeu mah wewengkonna kurang cocog pikeun nyawah. Malah
cenah lamun melak paré, komo nincak katiga, sok gagal waé, cai téh ngadak-ngadak saat. Teu nanaon teu boga huma asal boga paré, teu boga paré asal boga béas, teu boga béas asal ngéjo,teu ngéjo asal dahar, teu dahar asal hirup, mangrupa palsapah Cireundeu dina mertahankeun hirup ku jalan néangan alternatif kadaharan pokok (béas) ku sampeu.

Mémang ngadahar sangu lain pantrangan, tapi wuwuh geus jadi kabiasaan kana sampeu, cenah, kiwari masarakatna loba nu jarijipen, malah loba nu nyareri beuteung lamun geus ngadahar sangu téh.

Hasil kaolahan sampeu. Sumber: Dok. Pribadi


Ritual

Kampung nu mayoritas masarakatna masih kénéh ngagem kapercayaan Sunda Wiwitan téh, dikokolakeun ku tilu sesepuh kampung, nyaéta Sesepuh nu nangtukeun kawijakan hirup kumbuh tur ngokolakeun ritual taunan dicepeng ku Emen Sunarya (75), Ais Pangampih nu ngokolakeun kamasarakatan dicepeng ku Widia (50), jeung Panitén nu ngokolakeun kapamudaan jeung tani
sampeu dicepeng ku Asep Wardiman (45).

Lega lahanna kurang leuwih 100 héktar, kabagi kana opat bagian, nyaéta 10 héktar lahan padumukan, 25 héktar leuweung baladahan (lahan tani sampeu), sarta 65 héktar kabagi kana leuweung tutupan jeung larangan. Kagiatan ritual taunan nu panginsidéntalna di Cireundeu nyaéta ‘Sérén Taun
Ngemban Taun Saka’ unggal tanggal 1 Sura, nu sok disebut Suraan. Tempatna di Balé Saréséhan legana 6x6 m lengkep jeung panggung pintonan kasenian nu legana 6x4 m, pernahna di tengah tengah kampung. 
Tujuanna lian ti nutup jeung mapag taun anyar Saka, ogé salametan tina hasil tani jeung ingoningon,
ngaharib-harib Sérén Taun di Kuningan.

Lian ti éta, Balé Saréséhan gé gedé pisan fungsina pikeun para nonoman di dinya, pikeun dijadikeun tempat diajar aksara Sunda Kuna jeung rupaning kasenian Sunda (celempungan, gondang, karindingan, angklung buncis, mamaos, jeung degung).



Rupaning Alat Kasenian di Balé Saréséhan. Sumber:
Dok. pribadi

Jenis sampeu nu dipelak tur dikonsumsi di Cireundeu nyaéta sampeu pait/karikil, nu ku masarakat séjén mah sok dipaké parab ingoningon. Lantaran lian ti rasana pait, ogé matak weureu.
Nurutkeun Asep Wardiman, mémang sampeu pait goréng lamun langsung dikonsumsi, tapi lamun diolah kalawan apiktur beresih, sampeu pait lian ti gedé kandungan karbohidratna (unggal 100 gr sampeu ngandung énérgi 359 kkal, 86,5 gr karbohidrat, 1,4 gr protéin), ogé gedé Tina 25 héktar nu dipaké lahan tani sampeu, Cireundeu ngahasilkeun 20 ton/héktar dina sakali panén.

Sangkan kualitas sampeuna hadé, sampeu dipanén dina umur 10 bulan jeung jangkungna 2,5 m. Kitu ogé dina miarana, ti mimiti melak (sték) kudu bener-bener. Pangpangna nalika sampeu umur 2-4 bulan sok kaserang hama bulé (hama daun) jeung buruk beuti. Tani sampeuna kabagi kana 10 kelompok, nu unggal kelompokna boga mesin pamarudan sampeu pikeun dijadikeun aci.

Teu di kampung teu di kota, sampeu diolah jadi rupaning kadaharan nu rupa-rupa ngaranna jeung rupa-rupa cara ngolahna. Kitu ogé di Cireundeu, sampeu nu dihasilkeunna diolah jadi rupaning kadaharan poko sapopoé, kayaning sangueun/rasi (beras nasi), awug, gegetuk, katimus, comro, misro,
jrrd. Sedeng bahan kadaharan jeung kaolahan tina sampeu nu diproduksi pikeun jualeun antarana rasi, aci, rangining, opak, kicimpring, kurupuk, jeung peuyeum. Biasana sok dipasarkeun ka daérah Bandung, Sukabumi, Karawang, jeung Jakarta.

Rasi mangrupa kadaharan poko Cireundeu tina hampas hasil ngolah sampeu jadi aci. Sanggeus sampeu dipesék tur diberesihan, laju diparud dina mesin pamarudan. Tah, hampas parudan nu dijadikeun rasi téh. Sedeng hasil parudanna mah dikeueman cai sapeuting dina bak pangeueuman. Laju cai pangeueuman tadi dipiceun, sarta dedekna dipoékeun dina waktu 1-2k poé.

Sanggeus garing, jadi aci nu siap dipasarkeun. Tina poténsi nu ditataan tadi, Cireundeu sababaraha
kali meunang pangajén ti intansi pamaréntahan, antarana, pangajén Ketahanan Pangan dan Kelompok Tani Spesifik ti Kementrian Negara Lingkungan Hidup taun 1964 jeung 2007. Pangajén nu sarua ti Dinas Perekonomian dan Koperasi Kota Cimahi, Wali Kota Cimahi, Badan Ketahanan Pangan Departemen Perekonomian, Dinas Perindustrian dan Perdagangan Agro Provinsi Jabar, Gubernur Jabar, jeung Présidén SBY taun 2008 jeung 2009. Atuh pikeun widang kabudayaanna kungsi dilélér
pangajén ti Disparbud Jabar taun 2008.

Tangtuna, éta hal téh mangrupa tuladan pikeun kampung séjénna dina mekarkeun poténsi tani jeung
kabudayaanna, kalawan dirojong ku masarakat jeung pamaréntahanna. Pamaréntah ogé ulah ngan saukur merhatikeun daérah nu geus nyampak poténsina, tapi ngarojong sakabéh daérah nu kurang atawa karék mucunghul poténsina. Komo dina nyanghareupan krisis pangan nu keur mahabuna mah, patani téh meureun moal kari daki. Ulah ngan sesebutan wungkul nagara agraris téh, bari jeung masarakatna loba nu paceklik.

(Kénging Ari Andriansyah tina Majalah Cahara 6, 2012)


PANCEN 1 
  1. Kecap-kecap naon waé nu teu dipiharti? Pék catet sarta paluruh hartina dina kamus!
  2.  Naon nu diagem ku mayoritas masarakat Kampung Cireundeu?
  3.  Naon tujuan dilaksanakeun kagiatan ritual ‘Sérén Taun Ngemban Taun Saka’ di Kampung         Cireundeu?
  4.  Naon waé kasenian Sunda nu aya di Kampung Cireundeu?
  5.  Dijieun kaolahan naon waé sampeu ku urang Cireundeu?
  6.  Ti saha waé Kampung Cireundeu narima pangajén?
  7. Dimana pernahna Kampung Cireundeu téh?
  8. Beulah manaeun kota Bandung?
  9. Naon nu ngabédakeun Kampung Cireundeu jeung kampung séjénna?
  10. Kumaha tingkat ékonomi masarakat Kampung Cireundeu?
  11. Kunaon pangna sampeu jadi kadaharan poko urang Kampung Cireundeu?

Komentar

Postingan populer dari blog ini

CARITA KASAJARAHAN (BABAD)

PAKEMAN BASA