PANGAJARAN DONGENG SUNDA
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa
dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar sacara lisan ti generasi ka generasi.
Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui, antukna
sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa
ngeunaan Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana sok
dipatalikeun jeung kaayaan atawa kabiasaan di hiji tempat.
Kulantaran
beda-beda palakuna, jeung beda-beda deui asal usulna, dongèng téh sok
dipasing-pasing. Yus Rusyana, ahli carita lisan, ngabagi-bagi dongèng téh kieu:
a. Dongéng anu nyaritakeun kahirupan sasatoan, saperti
kuya, monyét, peucang, tutut, maung, séro, munding, manuk, jeung sajabana. Dongéng
nu kieu sok disebut ogé fabel.
b.
Dongèng anu
nyaritakeun kahirupan jalma di masarakat. Dongèng nu kieu sok disebut parabel.
c.
Dongéng anu
nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan.
Dongéng nu kieu disebutna dongéng sasakala atawa legénda.
d. Dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptan (hayalan),
bangsaning jurig jeung siluman. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng mitos.
Dongéng anu nyaritakeun jalma nu boga kagagahan sarta ngandung unsur sajarah. Dongéng nu kieu sok disebut ogé dongéng sage/pamuk.
Conto Dongeng:
TUKANG CUKUR PANIPUAN
Aya hiji jelema imah-imah di sisi leuweung. Unggal poé sok ngala suluh, tuluy dijual ka dayeuh. Teu daékeun ngajual suluh di pasar anu deukeut, da payuna tara mahal kawas di dayeuh. Jadi najan jauh ogé, manéhna sok pulang-anting ka dayeuh. Biasana inditna sok subuh-subuh, datangna deui ka imah geus beurang pisan. Geus barangdahar indit deui ka leuweung, datangna deui geus burit.
Kacaritakeun manéhna téh meuli kaldé. Sawatara poé henteu ka dayeuh, ngumpulkeun heula suluhna, supaya rada loba.
Barang suluhna geus loba, tuluy dimuatkeun kana tonggong kaldé. Isuk-isuk manéhna indit ka dayeuh. Datang ka dayeuh geus panas, geus meujeuhna kaluar késang.
Barang ngaliwat ka hareupeun tukang cukur, tukang suluh téh dieureunkeun.
Ari éta tukang cukur ngaranna téh Ali. Tukang cukur mashur pisan, lantaran nyukurna pinter jeung gancang. Tara aya anu raheut, tara baréd-baréd acan nu dicukur ku Ali mah. Para ménak jeung nu baleunghar sok mungpung ka Ali baé. Unggal poé tara towong nu datang ménta dicukur. Tampolana nepi ka aya limaan nu ngadagoan giliran téh.
Teu kudu dicaritakeun yén Ali loba duitna, da disarebutna gé tukang cukur beunghar baé. Upama pareng keur peré, manéhna sok jalan-jalan bari nulak cangkéng jeung luak-lieuk. Pangrasana jagat téh asa nu manéhna baé.
“Héy, tukang suluh, ka dieu!” ceuk tukang cukur.
Sanggeus tukang suluh eureun, tuluy ditanyakeun hargana. “Tilu rupia, teu kénging kirang,” ceuk tukang suluh.
“Mahal teuing,” ceuk tukang cukur, “Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé ku kuring dibeuli. Geura pikir, batan capé nawarkeun ka mana-mana, tur sakieu panas poéna, mending gancang aya nu meuli. Jeung karunya ka indung barudak di imah, apan keur ngadagoan butuh keur balanja.”
Tukang suluh teu gancang-gancang ngajawab, lantaran bingung. Ari dibikeun saringgit, murah teuing. Ari teu dibikeun, da hayang geura balik. Omongan tukang cukur téh kabéh keuna ka manéhna. Lila-lila kakara ngomong, pokna, “Tambihan waé satalén deui, Juragan.”
“Ah, embung. Lamun dibikeun saringgit, kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé dibeuli. Ari teu dibikeun mah nya kajeun teuing.”
Sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok tukang suluh téh ngomong, “Mangga atuh saringgit ogé, da ieu parantos siang, hayang geura wangsul.”
“Los ka ditu, ka dapurkeun!”
Pék suluh téh diturunkeun tina tonggong kaldé, tuluy diakutan ka dapur, ditumpukkeun di juru. Geus kitu tukang suluh téh tuluy nyampeurkeun tukang cukur, rék ménta duitna.
“Éta séla gé kudu dikadapurkeun, ongkoh kai kénéh éta séla gé,” ceuk tukang cukur.
“Apan suluh mah sadayana ogé parantos dikadapurkeun, Juragan,” ceuk tukang suluh.
“Har, apan tadi dua kali geus disebutkeun, yén saringgit téh kabéh kai anu aya dina tonggong kaldé.”
“Teu kasanggakeun séla mah.”
“Los baé atuh geura balik. Ari suluh mah, da geus disosi dapurna gé.”
“Nyuhunkeun artosna atuh.”
“Ka dieukeun heula séla. Engké dibayar saringgit.”
Tukang suluh kapaksa mikeun séla, najan kacida keuheuleunana ogé. Geus kitu mah kakara nampa bayaran.
Wantuning di sisi jalan gedé, anu ngaraliwat loba nu eureun, ngadon ngarogrog anu keur patorong-torong.
“Teu boga di karunya tukang cukur téh,” ceuk nu saurang. “Pédah ka nu bodo baé, da ka nu pinter mah moal wanieun.”
“Biasana si éta mah.”
“Padahal loba duitna mah.”
“Ka Juragan Jaksa geura, nyuhunkeun tulung!”
“Di mana bumina Juragan Jaksa téh?” ceuk tukang suluh. Aya saurang jajaka anu daékeun nganteur. Tuluy éta tukang suluh téh dianteurkeun ka bumina Juragan Jaksa.
Di payuneun Juragan Jaksa, tukang suluh nyarita satara-basna, naon anu geus kajadian. Sanggeus tamat caritana, Juragan Jaksa ngahuleng bari gogodeg.
“Hanjakal euy, silaing mah salah harti. Maksud tukang cukur, kabéh kai anu dina tonggong kaldé nu ditawar saringgit téh. Ari marukan silaing suluh wungkul, anu matak dimang-gakeun ku silaing. Cindekna mah silaing nu salah téh, déwék teu bisa nulungan.”
Tukang suluh ngan bati handeueul baé. Cong nyembah, jung nangtung. Léos indit bari ngarasa nalangsa. Suluh geus dijual murah, turug-turug kudu meuli deui séla. Mana atuh keur balanja?
***
Kacaritakeun raja di éta nagara, kaceluk ka awun-awun, kawentar ka mana-mana tina kaadilanana, towéksa ka rahayatna. Anjeunna sok mindeng nyamur, angkat nyalira ka luar kota, bisi aya abdi-abdi nu dijepit atawa cacah dikaniaya ku ponggawa nagara. Harita gé anjeunna nuju ngaronda, nganggo dangdosan sudagar. Teu katara meueus-meueus acan, yén anjeunna téh raja.
Tukang suluh nu tadi téa keur ngiuhan dina handapeun tangkal asem sisi jalan. Raja nyaketan ka dinya, saréhing éta jelema katingalieun semu nu susah.
“Ku naon dulur, kawas aya nu dipikiran?” saur raja.
“Puguh abdi téh aya nu nipu, juragan,” témbal tukang suluh.
“Nipu kumaha?”
Barabat tukang suluh téh nyaritakeun akalna tukang cukur, nepi ka manéhna katipu.
“Saha ngaranna tukang cukur téh?”
“Ali disarebatna mah.”
“Naha lain ka Juragan Jaksa, nyuhunkeun tulung?”
“Parantos ku abdi dideuheusan, nanging ku anjeunna abdi téh dilepatkeun.”
“Nurutkeun undang-undang mah nya sampéan anu salah. Tapi éta tukang cukur téh jelema jahat, kudu aya hukumanana.”
“Sumuhun leresna mah. Nanging nya saha atuh nu badé ngahukumna?”
“Aya waé,” saur raja. “Ayeuna mah sampéan dibéré duit ku kaula, keur meuli séla. Tapi isuk kudu datang deui ka dieu, isuk-isuk pisan.”
“Ngabantun suluh?”
“Ah, entong mawa suluh. Tapi kaldé kudu dibawa.”
“Mangga. Nuhun dipaparin artos.”
Tukang suluh tuluy balik ka lemburna. Raja ogé lajeng mulih ka karaton.
Kocap isukna, isuk-isuk tukang suluh geus indit deui ka dayeuh. Kaldéna gancang leumpangna, da teu beurateun ku momot. Sapanjang jalan tukang suluh téh teu weléh nanya ka dirina sorangan, rék kumaha sudagar téh?
Keukeuh baé manéhna ka raja nyangka sudagar, lantaran dangdosanana téa kawas sudagar. Teu kungsi lila geus nepi ka tempat anu kamari. Tukang suluh nyangcangkeun kaldé kana pagér, bari ngadagoan “sudagar”.
Harita kénéh raja geus sumping, tetep nganggo dangdosan sudagar, bari nyandak réncang saurang, dangdananana kuli.
“Éta kaldé,” saur raja, “Sina ditungtun ku ieu batur kaula. Urang ngawarah nu nipu sampéan téa. Ali ngaranna téh lin?”
“Sumuhun,” ceuk tukang suluh, bari tuluy ngalaan cangcangan kaldé, sina ditungtun ku kuli téa.
Éta kuli dititah ti heula nungtun kaldé ka tempat tukang cukur. Ari raja angkat alon, diiring ku tukang suluh.
Barang datang ka nu dijugjug, kuli téh tuluy nyangcang kaldé, geus kitu kakara ngetrok panto, sarta asup ka tempat Ali, ménta dicukur.
“Naha ménta dicukur ka dieu? Kapan loba tukang cukur téh. Nu dicukur di dieu mah paraménak jeung nu baleunghar, lain kuli,” ceuk tukang cukur.
“Ti kapungkur hayang dicukur di dieu téh, margi Juragan parantos mashur tukang cukur pangpinterna. Ayeuna kaleresan keur gaduh artos, hayang nyobi dicukur ku nu sakitu mashurna. Mundut sabaraha ogé, tangtos dibayar ku abdi,” ceuk kuli.
Dipuji kitu mah, Ali téh pelér.
“Hadé baé hayang nyoba mah. Mayarna mah biasa we sarupia,” ceuk tukang cukur.
Di tukang cukur anu séjén, mayarna téh ngan satalén. Tacan ngarasa kuli mah dicukur mayarna sarupia. Tapi da éta mah Ali ngaranna ogé, nu geus sakitu mashurna. Sanggeus diuk dina korsi, pék kuli téh disabunan, tuluy dicukur.
Ari geus réngsé, kuli téh nanya, “Kersa upami nyukur sobat abdi?”
“Hadé. Di mana ayeuna?”
“Itu di luar, ngantosan.”
Kuli ngaluarkeun duit dua rupia tina sakuna. Dibayarkeun ka tukang cukur, nyaéta bayaran nyukur manéhna jeung sobatna. Geus kitu tuluy ka luar. Teu kungsi lila geus ngetrok deui panto, bari nungtun sobatna téa.
Barang pantona geus muka sarta kaldéna rék asup, Ali kagéteun kacida.
“Naon ituh? Moal enya kaldé rék dicukur di dieu?” ceuk Ali.
“Ongkoh ieu sobat kuring téh. Anjeun geus sanggup nyukuran sobat kuring, jeung anjeun henteu nanyakeun saha-sahana nu disebut sobat ku kuring téh.”
“Jelema mah sobatna kudu jeung jelema deui, lain kaldé.”
“Kajeun kaldé kajeun naon, ari bageur ka kuring mah sobat ngaranna. Komo batur mah aya nu nyobat jeung anjing sagala.”
“Moal! Kuring mah moal nyukuran kaldé!”
“Sobat kuring kudu dicukuran ku anjeun!”
“Anu burung anu nyukuran kaldé mah!”
Sabot kitu, nu nyamur sudagar téh nepi ka dinya sarta nyampeurkeun ka Ali. Ali ditunjuk irungna bari disentak.
“Mémang jahat sia téh Ali! Ieu kaldé ku sia kudu dicukuran!” saur raja.
Ngadéngé kasauran raja kitu, Ali ngambek.
“Ieu lain perkara anjeun. Anjeun entong pipilueun!” ceuk Ali.
“Mémang ieu perkara aing! Hayoh indit ka alun-alun, sia kudu nyukuran kaldé di alun-alun!”
“Saha anu maréntah kitu?”
“Aing, raja!”
Ali munggah reup geuneuk ray pias, bawaning reuwas, barang awas yén sidik raja anu nyamur téh. Turug-turug di pungkureunana aya tukang suluh, nu kamari ditipu ku manéhna.
Manéhna ngartieun, yén dosana geus kauninga ku raja, sarta henteu meunang henteu kudu aya hukumanana. Gancang waé manéhna nyokot jajambaran jeung sabun, milihan sikat nu panggedéna, tuluy indit ka alun-alun, nuturkeun kuli, nuturkeun kaldé. Ari datang ka alun-alun, pék Ali nyabunan kaldé, sarta maké disimbutan ku lawon bodas sagala, kawas nyukuran jelema baé.
Harita téh ninggang pisan kana waktu bubaran sakola. Atuh barudak nu kakara balik ti sakola téh kabéh ngabring ka alun-alun, tinggorowok ti kajauhan, nyebutkeun aya nu gélo, nyukuran kaldé, tuluy ngarogrog ka nu keur nyukur, bari saleu-seurian.
“Bérés nyukur kaldé mah cik domba kuring pangnyu-kurankeun!” ceuk nu saurang.
“Di kuring mah ucing cukuraneun téh,” ceuk nu saurang deui.
Ali asa teu beungeutan, bawaning éra jeung ambek, hayang males ka barudak. Tapi teu bisa kukumaha, da sieun-eun ditambahan hukumanana, wantuning raja geus miwarang gulang-gulang, nyaksian Ali nyukuran kaldé.
Lain barudak waé, kolot ogé loba nu datang ka dinya. Beuki lila beuki loba, malah aya tukang sapatu, tukana ngaput, tukang kaléng, jeung nu séjénna, ngahaja nunda pagawé-anana da hayang ngabuktikeun béja, majar Ali jadi gélo, tukang cukur nu kumagungan téa bet ngadon nyukuran kaldé di alun-alun.
Di antara anu lalajo anu sakitu lobana téh aya anu teu nyahoeun, kumaha asal-usulna nu matak kitu. Tapi sanggeus tukang suluh nyaritakeun lalakonna ti awal nepi ka ahir, kakara maranéhna téh leungit héranna sarta muji ka anu jumeneng raja, tina kaadilanana jeung katowéksaanana.
(Dicutat tina Panggelar Boedi jilid Kadua)

DONGENG SASAKALA
MAUNG PANJALU
Putri Raja Pajajaran nu dipistri
ku putra Raja Majapait. Nalika bobotna bade majeng ka salapan sasih, bet
jorojoy we dina manah Nyi Putri aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku
margi palay babar di bali geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu ramana katut
kadang wargi. Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina
kaayaan bobot, anu ceuk itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih oge
orok baris medal.Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung
ku merebey mili, ahirna mah Sang Prabu teh leah manahna.
“Mangga atuh ari Rai maksa angkat
mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng
mayunan nagara,” saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri
kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran.
Sanggeus bekel katut para
pangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang angkat ti Majapahit
seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu kana joli.
Diaping ku Mantri katut para ponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi
Putri katingal paromanna bear marahmay, kumargi bade tepang sareng ibu ramana.
Sanggeus sababaraha puluh poe
lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat di suku Gunung Sawal,
kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu. Sering karaos
patuangan sapertos nu bade babar. Terus bae pupuhu rombongan teh paparentah
supaya rombongan eureun di dinya sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri
reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya.
Mantri pupuhu rombongan
paparentah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga. Sabab Ki Mantri
ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya. Pikeun nyieun
eta wawangunan tea, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku urang wetan
mah disebutna “tumbang”. Eta tempat dingaranan bae Panumbangan. Kiwari jadi
ngaran kacamatan di Ciamis kulon.
Henteu lepat tina panyangka
sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun. Orokna kembar sapasang:
istri-pameget. Anu mimiti medal teh orok anu pameget, anu matak dianggap bae
rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil sarta
dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak.
Saparantos Nyi Putri salirana
jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur
dayeuh Pajajaran. Sababaraha poe ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri
dibageakeun ku ibu ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui
ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasep jeung geulis,
estu mulus sarta taya kuciwana.
Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana,
Ti kawit angkat ti Majapahit dugi ka babarna di Panumbangan. Mung eta
murangkalih anu dua tea, teu acan dipaparin jenengan. Saparantos dietang sagala
rupina, eta dua murangkalih dipaparin jenengan ku eyangna, nyaeta Raja
Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari anu istri jenenganana
Bongbang Kancana.
Eta murangkalih dirorok ku
eyangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang. Anjeunna henteu mulih deui ka
carogena di Majapahit, nyaeta ka Sang Prabu Brawijaya tea. Dua murangkalih teh
morontod pisan. Beuki gede teh beuki tembong cahayana. Bongbang Rarang kasep
lir Dewa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Dewi Ratih. Kacida pisan
dipikanyaahna ku nu jadi eyang, kawantu putu ti putra istri kameumeut.
Tapi nepi ka umurna nincak
rumaja, eta barudak teh henteu nyahoeun bapa lantaran kacida dibunianana ku
akina. Kitu deui sakabeh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah aya anu
nyaritakeun bapana eta barudak anu aya di Majapahit. Lain ku nanaon, akina
kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana di
Majapahit, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran.
Bongbang Rarang jeung Bongbang
Kancana panasaran hayang nyaho bapana anu saestu. Unggal nanyakeun ka sing saha
bae, jawabanana sarua, bapana teh Raja Pajajaran. Eta jawaban henteu nyugemakeun
hatena. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran teh nyebat Ama, meureun ka maranehna teh
perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana beuki gede teh beuki
tambah panasaran bae.
Nepi ka hiji mangsa mah, eta dua
budak teh ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak supaya
ngabejakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan
meh unggal usik. Ahirna eta emban teh eleh deet. Pok bae atuh ngomong halon,
“Rama Raden teh anu saleresna mah Sang Prabu Brawijaya Raja Majapahit.”
Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun
bapana. Tangtu we eta hal teh matak kaget Sang Raja. Ditanya saha anu mere
nyaho, Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu daek betus lantaran
inget kana jangjina, moal ngabejakeun jalma anu mere nyahona. Ngan ti harita
Bongbang Rarang terus ngurihit, sangkan akina ngidinan pikeun indit ka
Majapahit. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan bae, lantaran melang bisi kuma
onam di jalanna.
Ahirna dina hiji peuting
jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rek
indit ka Majapahit, nepungan bapana anu jadi raja di Majapahit. Isukna,
sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu
nareangan ka ditu ka dieu. Weleh anu diteanganana henteu kapanggih, leungit lir
anu diteureuy ku poekna bumi.
Kocapkeun adina, Bongbang
Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti
karaton. Henteu lila oge Bongbang Rarang kasusul, lantaran samemehna geus
pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana
neruskeun lalampahan, maksudna rek ngajugjug ka Majapahit, nepungan bapana anu
jadi raja di ditu.
Barang nepi ka hiji tempat, anu
kiwari katelah Panumbangan tea, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kokotetengan
neangan cai ka ditu ka dieu, weleh henteu manggih. Breh bae ningali pendil
handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina herang
ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang.
Henteu diengkekeun deui, cai dina
pendil teh ditotor nepi ka beak. Teuing kumaha mimitina, pendil milepas. Blus
teh asup kana sirah Bongbang Larang. Sirah Bongbang Larang seret beuheung,
katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan,
hese pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang
Kancana, maksudna rek menta tulung ka nu lian.
Sakur jalma anu dipentaan tulung,
euweuh anu bisaeun ngalaan eta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabejaan,
sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki
Garahang. Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana
nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Ditetek taya nu kaliwat.
Sanggeus ngadenge caritaan
Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antare.
“Eta teh pangajaran keur hidep duaan, yen sagala kalakuan
anu henteu diidinan ku kolot, sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung
deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil teh kalakuan anu teu hade.”
Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, “Keun
sugan bisa urang akalan ku Aki.”
Sup Aki Garahang ka kamarna,
metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal,
neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang meunang ilapat, yen eta pendil kudu
dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pek dikadekkeun
kana pendil beusi. Teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita.
Bongbang Larang jeung Bongbang
Kancana dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana. Eta
dua rumaja teh nurut ka Aki Garahang. Dina hiji poe, Aki Garahang rek iinditan.
Samemeh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang
Kancana ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan teh mangrupa
talaga, anu caina canembrang herang.
Abong nonoman keur meujeuhna
belekesenteng, dicaram teh lain nurut tapi kalah ka panasaran. Bongbang Larang
jeung Bongbang Kancana siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Breh ningali
cai talaga anu sakitu herangna. Jorojoy bae lanceukna aya karep hayang
kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan
bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan
arulin kokojayan sukan-sukan dina cai.
Lila-lila dina saluar awak eta
dua nonoman barijil bulu belang koneng jeung hideung. Janggelek bae duanana
jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana eta
kajadian, terus silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus
ngarempak larangan. Tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.
Dua maung kajajaden teh balik
deui nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak
deui di dinya. Ges teg bae eta maung teh maung kajajaden, Bongbang Larang jeung
Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang
ngomong bari dareuda, “Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan lantaran hidep duaan
geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot.”
Dua maung kajajaden teu panjang
tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana.
Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran keuna ku ajal
lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina eta bahaya, Bongbang
Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik.
Bongbang Larang kabawa palid ka
hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyaeta tangkal kawung anu
dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna bae
ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat
ku eta patani. Tuluy eta gawul teh dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka
puluhan kalian, tapi gawul teh teu daek beulah bae.
Ku lantaran geus ngarasa taak,
Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur.
Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu,
barabat eta dua maung teh nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja
Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang,
molonyon siga anu babarieun pisan.
Minangka mulang tarimana ka Raja
Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana jangji moal ngaganggu ka
turunan Panjalu iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor
tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina
kawung bari henteu dibeulah heula. Eta jangji maung kajajaden teh dikuatan ku
jampe pamake Raja Panjalu.
Ti dinya eta dua maung kakajaden
teh neruskeun deui lalampahannana, nyorang leuweung-leuweung geledegan,
mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna
anjog bae ka Karajaan Majapahit, maksudna rek nepungan bapana.
Barang srog ka lawang saketeng
karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang pahibut bari nyangking pakarangna.
Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galede deuih. Tuluy bae
atuh maung teh pada ngepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung
karaget tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita.
Bongbang Larang nyaritakeun,
saenyana manehna duaan teh putra Raja Majapahit, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri
Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, eta dua maung teh dianteurkeun ka
jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya anu harita nuju aya di
paseban, ngempel sareng abdi-abdi karaton.
Sang Prabu Brawijaya kaget
manahna nampi dua tatamu aneh anu ngadeuheus. Barabat atuh Bongbang Larang
nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung
di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang
Prabu ngagabrug. Dua maung kembar teh digalentoran, nyacapkeun kasono ka nu
nembe tepang. Tapi ku lantaran ayeuna mah geus beda, wujudna geus robah jadi
maung lodaya, pok bae Sang Prabu Brawijaya sasauran.
“Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus
robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadean, taya salahna pikeun meunang
kabagjaan.”
Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung
Majapahit. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung
Pajajaran.
Ceuk sakaol, sataun sakali unggal
Mulud, eta dua maung sok ngahajakeun papendak. Ari tempatna matuh di Panjalu.
Nya ti harita deuih aya pacaduan pikeun sakabeh turunan Panjalu, nyaeta teu
meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang
nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.
Komentar
Posting Komentar