CARITA KASAJARAHAN (BABAD)

 Wangenan:

Dina kamus kaluaran LBSS (1979) ditétélakeun yén nu disebut babad téh dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah. Ari Iskandarwassid dina buku Kamus Istilah Sastra (1996) nerangkeun kieu: carita babad téh carita wanda heubeul anu medar riwayat luluhur atawa kajadian-kajadian penting jaman baheula di salah sahiji daérah, biasana ti mimiti ngabedah (muka) éta wewengkon.
Masih dina éta kamus ditétélakeun ogé yén karep nu nyusun babad téh bangun rék nulis sajarah. Malah sawaréh mah judulna ogé aya nu tandes maké kecap “sajarah”. Tapi carita babad téh tacan diaku jadi sajarah lantaran di jerona kaselapkeun hal-hal anu pamohalan atawa rékaan. Lian ti éta teu bisa dianggap sajarah lantaran tacan katarima ku panguji disiplin (élmu) sajarah.

Sajarah Carita Babad


Tradisi nyusun babad téh geus aya ti baheula. Malah tina nu geus kapaluruh ku para ahli, carita babad geus kapanggih ti jaman tradisi nulis naskah kénéh. Éta tradisi manjang nepi ka abad ka-20. Ditulisna aya nu dina wangun prosa aya ogé nu ditulis dina wangun puisi. Utamana mah dina wangun wawacan. Conto carita babad téh di antarana Babad Bogor, Babad Cikundul, Babad Galuh, Babad Panjalu, Babad Sumedang, Babad Limbangan, Sajarah Lampah Para Wali Kabéh, jeung sajabana. 

Nilik kana wangenan, babad mibanda sipat-sipat saperti nu ditataan dihandap :

  • Sakral.
  • Religi
  • Legendaris.
  • Mitologis.
  • Hagiografis.
  • Simbolis.
  • Sugestif.
  • Istanasentris.
  • Fragmentaris.
  • Anonim.

- Sasaruaan istilah carita babad :

  • Dongéng Sajarah.
  • Carita Sajarah.

- Kagunaan ayana carita babad nyaéta :

  • Pikeun ngalegitimasi asal-usul hiji perkara.
  • Minangka panungtun pikeun para turunan.
  • Babad ngajarkeun kumaha campur gaul di masarakat waktu harita.



Conto Carita Babad


Babad Limbangan



Jaman baheula, kacaturkeun di Karajaan Pajajaran. Rajana Prabu Siliwangi. Ieu raja téh kongas kagagahanana. Anjeunna boga pangiring nu kacida satiana, katelahna Aki Haruman. Unggal poé, Aki Haruman ku Prabu Siliwangi sok diparéntah pikeun moro maké sumpit atawa jamparing.

Hiji poé, Aki Haruman indit ka wétankeun pikeun moro. Tapi nepi ka panonpoé manceran téh manéhna can beubeunangan baé, sanajann geus turun unggah gunung. Sato héwan siga tilem, teu kapanggih sahulu-hulu acan.

Jog Aki Haruman nepi ka puncak hiji gunung. Ti dinya katempo ku manéhna aya cahaya nu moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Puguh baé anjeunna hémengeun. Barang disampeurkeun, singhoréng éta cahaya téh kaluar ti awak hiji putri nu keur mandi. Barang ditanya, éta putri ngaku anakna Sunan Rumenggong, nu ngawasa wewengkon Limbangan.

Patepungna Aki Haruman jeung putri ti Limbangan téh ditepikeun ka Prabu Siliwangi. Dumasar kana éta kajadian, gunung tempat Aki Haruman ningali aya putri nu moncorong cahayaan téh dingaranan Gunung Haruman.
Barang ngadéngé dongéng Aki Haruman, dina haté Prabu Siliwangi bet jorojoy aya niat pikeun mileuleuheungkeun éta putri keur pipamajikaneunana. Enya gé teu kungsi tepung, tapi Sang Prabu geus bisa nyipta-nyipta kumaha kageulisan éta putri.
Keur ngalaksanakeun niatna, Prabu Siliwangi ngutus Gajah Manggala jeung Arya Gajah, duanana gé pangagung ti Pajajaran, pikeun ngalamar putri ti Limbangan téa. Inditna dibarengan ku Aki Haruman jeung para pangiring anu samagréng ku pakarang. Prabu Siliwangi ngawawadian yén éta utusan téh teu meunang balik saméméh hasil ngalamar Nyi Putri.


Teu kacatur di jalanna. Sanepina ka hareupeun Sunan Rumenggong Gajah Manggala nepikeun maksudna, yén manéhna diutus ku Prabu Siliwangi pikeun ngalamar putri Limbangan. Ku Sunan Rumenggong éta kahayang Prabu Siliwangi téh ditepikeun deui ka Nyi Putri.
Barang nguping pamaksudan utusan Prabu Siliwangi,  Nyi Putri téh katingal henteu bérag. Pokna, “Ama, hapunten anu kasuhun, abdi teu tiasa nampi panglamar ti Prabu Siliwangi.”
Sunan Rumenggong teu kurang-kurang kagétna. Pokna, “Naha?”
“Ama nyalira uninga, apan Sang Prabu téh tos kagungan istri langkung ti 100 jalmi...”
Sanajan dipapaksa ku ramana, carékna embung dikawin téh keukeuh embung. Ari utusan tetep pageuh nyekel timbalan Prabu Siliwangi yén maranéhna kudu hasil ngalamar Nyi Putri. Tungtungna, ku habén dipapaksa, Nyi Putri téh ngaleungit, ilang tanpa karana. Bur-ber ditétéangan ogé weléh teu kapanggih, ngan seungitna baé nu kaangseu ngahiliwir. Tempat Nyi Putri kaangseu seungitna téh katelah lembur Buniwangi.
Sunan Rumenggong henteu cicing, bur-ber néangan putrina anu ngaleungit téa. Ber ka hilir ber ka girang, ngalér ngidul ngétan ngulon. Lantaran nempo kolotna sakitu susahna, Nyi Putri ahirna némbongan deui di hiji imah anu nyempil. Manéhna teu tégaeun ningali kolot dirungrum ku kabingung jeung kanalangsa anu pohara. Lembur tempat Nyi Putri némbongan di imah anu nyempil téh dingaranan Kampung Sempil.
Ku Sunan Rumenggong Nyi Putri dipapatahan sangkan daék dikawin ku Prabu Siliwangi, sabab lamun henteu tanwandé bakal terus dipapaksa. Bari ngagelendut putrana, Sunan Rumenggong ogé nepikeun naséhat, “Aya lima jalma nu ku urang wajib dihormat jeung dijungjung, nyaéta guru, raja, kolot, mitoha, jeung lanceuk nu cikal.” Lian ti éta, Sunan Rumenggong ogé nepikeun harepanana, sugan baé jaga anak-anak Nyi Putri téh jadi turunan raja.
Ahirna, Nyi Putri daék dikawin ku Prabu Siliwangi.
Sapuluh taun ti harita, Nyi Putri dipaparinan dua putra pameget, nyaéta Basudéwa jeung Liman Sanjaya. Éta dua putrana ti Prabu Siliwangi téh dibawa ka Limbangan ku Sunan Rumenggong sarta tuluy dijenengkeun prabu di dua tempat anu béda, luyu jeung amanat Prabu Siliwangi. Prabu Basudéwa ngawasa wewengkon Limbangan, sarta Prabu Liman Sanjaya ngawasa wewengkon Dayeuh Luhur di kiduleunana.

(Diraéh tina buku “Naskah Sunda Lama Kelompok Babad”, Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa, Depdikbud, 1985)




Carita Cadas Pangeran (Dongéng Babad)


Ti jaman baheula kěněh, antara Sumedang-Bandung, geus aya jalan, ngan harita mah lain jalan gedě cara ayeuna. Ulah mobil, dalah kahar ogě can tangtu bisa ngaliwat. Rajeun aya tutumpakan ukur kuda atawa tandu. Waktu Gubernur Jěndral Daěndels muka jalan pos ti Anyěr ka Banyuwangi. Kaayaan Cadas Pangěran harita masih kěněh mangrupa gunung batu nu kacida teuasna. Tapi, Daěndels tetep marěntahkeun kudu dibobok, supaya bisa diliwatan kandaraan.
Nampi parěntah ti Gubernur Jěndral, Kanjeng Pangěran Kusuma Dinata, kapaksa miwarang rayat Sumedang. Dina waktuna rayat daratang ti mana-mendi, marekel pakakas sabogana-sabogana. Kawantu nu kudu dibobok těh cadas nu sakitu teuasna, hasilna těh henteu sabaraha. Katambah-tambah tempatna hara-haraeun, tungtungna loba nu maot kalaparan.
Kocap hiji poě Kanjeng Pangěran, diiringkeun ku Patih Raděn Demang Mangku Praja, seja nampi pamariosan Gubernur Jěndral Daěndels atawa anu sok disebut ogě Jěndral Guntur. Taběatna Jěndral Guntur, babari haok porongos. Matak pada nelah Mas Galak, tina kecap marsekalek, basa Walanda. Barang jebul, beungeutna langsung merengut. Cacak kulitna bodas, katembong semu geuneuk, tandaning ambek pohara.
Kana kabiasaan haok porongos Jěndral Guntur, kantenan Kangjeng Pangěran uninga. Ku kituna ti anggalna kěněh, anjeunna parantos taki-taki. Emutanana, ku sabab lalakon ngabobok gunung cadas henteu aya kamajuan, Si Mas Galak pasti bakal ambekna.
Malah teu mustahil anjeunna bakal jadi korban, dibenduan Tuan Besar. Namung, anjeunna teu ieuh gimir, sareng teu badě nyalahkeun rayat. Margi kauninga, kumaha hěsěna ngadungkaran gunung batu ukur ngandelkeun tanaga jelema, dibantuan pakakas saaya-aya.
Caturkeun Jendral Guntur cunduk ka tempat nu digarawě. Atuh Kangjeng Pangěran gancang ngahormat saperti biasana, manggut bari teras nyaketan. Dasar nu keur ambek, panghormat Kangjeng Pangěran, boro-boro ditarima samistina. Tapi, teu burung ari nyodorkeun leungeun, ngajak sasalaman mah.
Ningali kalakuan Jěndral Guntur kitu, Kangjeng Pangěran ampir-ampiran teu kiat nahan bebendu. Dasar kumpeni, gerentesna, teu boga pisan rasrasan. Naha rayat aing rěk diantep jadi korban, gara-gara nedunan kahayang maraněhna.
Pikeun němbongkeun eusi manahna, barang Jěndral Guntur ngasongkeun leungeun katuhu, ku Kangjeng Pangěran cukup ditampanan ku panangan palih kěnca. Sedeng panangan anu hiji deui, dianggo nyepengan sarangka keris, nu nyelap dina lebah cangkěngna. Ngahaja deuih si keris těh digilirkeun ka běh payun.
Nyaksian kajadian kitu, kaběh nu araya pohara reuwasna. Kaayaan nu tadina ramě těh, jep jempě lir gaang katincak. Sarěrěa teu nyangka Kangjeng Pangěran kagungan peta kitu. Demi Demang Mangku Praja, semet reuwas kabina-bina, inggis panyakit Jěndral Guntur beuki parna. Jelema tukang nganteur amarah, kari-kari sarua jeung ditangtang adu kawani, pasti kana piraměeun. Kumaha lamun Jěndral Guntur, tuluy nitah serdadu Walanda, sina něwak Kangjeng Pangěran sabalad-balad.
Něnjo kalakuan Pangěran Sumedang siga nu ngajak adu wawaněn, Jěndral Guntur langsung molotot. Beuki reuwas sakur nu ngabandungan, lantaran Kangjeng Pangěran males molotot deui. Tungtungna duanana papelong-pelong. Nu hiji nganggap aing kawasa, naha kudu ělěh ku bangsa jajahan, sanajan pangkatna raja. Nu hiji deui, niat ngajaga kahormatan, bakal nyilakakeun diri, risiko bongan jadi pamingpin.
Bisa jadi lantaran kaburu ělěh mamaras, Jěndral Guntur pok miheulaan nanya, “Rěgen, naon maksud anjeun, pangna nampanan sasalaman kuring ku leungeun kěnca?”
Rěgen těh sesebutan ka dalem. Nya diwaler ku Kangjeng Pangěran,  “Kangjeng Tuan, sim kuring reujeung rayat Sumedang, henteu niat mungpang kana parěntah kumpeni. Lain teu hayang geura-geura nganggeuskeun pagawěan. Ngan Kangjeng Tuan kedah terang, kumaha hěsěna ngabobok gunung batu anu sakieu teuasna,” bari nyejekkeun sampěan kana cadas. “Ngahaja sim kuring němbongkeun kanyeri hatě, ku sabab pamohalan bakal meunang kaadilan. Běh dituna supaya Kangjeng Tuan uninga, yěn sim kuring kajeun nandang hukuman, ti batan terus-terusan nyaksian rayat dikakaya. Nepi ka poě ieu wungkul, pirang-pirang nu maraot alatan panyakit jeung kalaparan.”
Panjang lebar Kangjeng Pangěran sasauran, nepi ka Jěndral Guntur sadar, tětěla kendorna pagawěan těh, lain kurang temen digarawěna. Tapi, lantaran kacida hěsěna. Harita kěněh maněhna ganti marěntahkeun ajudanana, supaya ngadatangkeun tentara batalion zěni, lengkep jeung parabot keur nugaran gunung cadas.
Salila nungguan tentara zěni daratang. Kangjeng Pangěran miwarang rayat digarawě deui, ngan teu kudu maksakeun hayang rěa beubeunangan.
Sanggeus marentah ajudanana, solongkrong deui Jěndral Guntur ngajak sasalaman. Kalayan ěnggal ditampi ku panangan tengen Kangjeng Pangěran. Sakitu taun ti harita, jalan ti Bandung ka Sumedang teu burung anggeus. Sedengkeun ěta tempat, ayeuna katelah Tanjakan Cadas Pangěran. Maksudna keur pangěling-ngěling kana perjoangan Raja Sumedang Kangjeng Pangěran Kusuma Dinata. Sakapeung sok disebat Pangěran Korněl.

(Sumber:
 https://tekadpangestu.wordpress.com/2012/10/23/carita-cadas-pangeran-dongeng-babad/)


Latihan Soal 2
1. Paluruh kecap-kecap anu asing anu teu dipikaharti ku hidep, saterusna teangan hartina dina kamus atawa dina internet!

2. Tuliskeun ringkesan carita "Babad Cadas Pangeran" dumasar kana bacaan di luhur kalayan ngagunakeun Basa Sunda anu merenah! 

3. Saha ari Pangeran Kornel teh? Pek caritakeun kumha pasipatan katut watek anu kagambar dina carita di luhur!

BABAD GODOG

Kacaritakeun jaman baheula di tanah Sunda ngadeg karajaan Pajajaran. Nu ngaprabon di éta karajaan téh jujulukna Prabu Siliwangi. Kagungan putra pameget, satria pinilih tanding jujulukna Gagak Lumayung. Gagak Lumayung dijenengkeun wakil ku ramana di éta karajaan, jujulukna Prabu Kian Santang.

Hiji waktu Gagak Lumayung atawa Prabu Kian Santang Aji ngungun baé sabab boga kasusah pédah geus lila henteu mendak pikeun pitandingeun jurit sarta boga kapanasaran hayang nyaho di rupa getih sorangan.
Sanggeus uninga kahoyong putrana kitu, Prabu Siliwangi ngelun dukun – dukun nu aya di nagri, sadayana dukun nu diondang taya nu sanggemen lian ti hiji aki – aki nyiliwuri nu teu kanyahoan ti mana jolna. Éta aki – aki langsung ngaleungit ilang tanpa karana saparantos nyebatkeun pilawaneun tanding Prabu Kian Santang Aji téh nu taya sanés ayana di Nagri Mekah.
Kocapkeun carita sanggeus Prabu Kian Santang unjukan ka ramana, anjeunna langsung miang ka Nagri Mekah. Ku pituduh éta aki-aki nu nyiliwuri téa, ahirna anjeunna tepang ogé sareng hiji sepuh nu jenengannana Bagénda Ali Murtado, éta sepuh téh ngaraos kagét waktos mireungeuh cariosan Kian Santang nu sakitu perténtangna milarian anjenna anu dibarung ku rasa gandang pédah ngarasa gagah tur mashur sa Pulo Jawa. Ngadangu kasauran Kian Santang kitu téh, Bagénda Ali Murtado kalah ka nyebat Alhamdulillah, tapi teu ngangken yén saleresna anjeunna pisan nu dipilarina téh.

Bagénda Ali Murtado nyanggeman ngajajap Kian Santang ngadep ka nu dipilarina, nanging di satengahing jalan anjeunna ngarandeg heula sarta miwarang Kian Santang sangkan pangnyandakkeun tetekenna nu kakantun dina tilas ngobrol tadi. Sok sanajan manahna kesel, tapi ku alatan hoyong tepang sareng anu jenengan Ali Murtado, ahirna anjeunna kersa ogé. Teu talangké éta teteken téh  dicabut ku anjeunna, nanging batan ka angkat, kalah salira anjeunna nu mebes kana taneuh salaput tuurna. Salirana lamokot ku késang katambah ku tingpelentisna getih anu bijil dina sabulu-bulu awak. Bagénda Ali hookeun campur jeung karunya, ongkoh cenah ngakuna mah sakti tapi, tapi salirana nepi ka kitu. Bagénda Ali seug maos Bismilah, Syahadat sareng salawat Nabi. Éta teteken téh gampil pisan dicabutna.
Prabu Kian Santang kaisinan tur panasaran, terus nanyakeun yén éta nu dibaca téh palakiah naon? Ku Bagénda Ali diterangkeun yén palakiah anu bieu dibacakeun téh wewesén sajatining jajatén dina agama Islam, paranti meruhkeun kalbu atawa gantar paménta ka nu kawasa di mana urang aya kahayang.

Gancangna carita, Prabu Kian Santang Aji  saparantosna taya tangan pangawasa leungit kagagahanana dina mayunan Bagénda Ali, ahirna dina manahna rék miceun Agama Hindu, seja anut agama suci nya éta Agama Islam. Saparantosna lebet agama Islam, anjeunna gentos jenengan janten dua nya éta Sunan Rohmat sareng Sunan Bidayah.
Sunan Rohmat diutus pikeun ngislamkeun Pulo Jawa. Saparantosna dugi ka Pulo Jawa, nu ngawitan badé diajak lebet Islam téh taya sanés ti ingkang ramana nya éta Prabu Siliwangi, nanging tinimbang anut agama Islam, kajeun ninggalkeun éta nagara bari nyandak iteuk silagondi, teras diguratkeun ka nu taneuh. Harita kéneh karaton salin rupa janten leuweung. Para bupati jeung mantrina dicipta jadi maung, diratuan ku Ratu Batu Layang Aji, terus arindit muru ka Sancang.

Nu pangheulana diislamkeun nya éta para rahayat pakuwan nu araya di kampung. Para ménakna mah diliwat, sabab lingas sarieuneun pédah geus meunang warti ti Siliwangi. Salajengna nya éta rayina nu aya di Batu Layang nu jenenganana Santang Pertéla, anjeuna lebet Islam.
Ti Batu Layang angjeunna mapay deui sareng rayina Santang Pertéla muru Lebak Agung dugi ka Haur Bati, lajeng pendak jeung hiji ajar, tilas guruna kapungkur anu jenenganana Syéh Maléla anu tos anut Islam.
Sunan Rohmat kénging piwejang ti Syéh Maléla sangkan angkat heula ka Mekah pikeun ngalaporkeun heula hasil ngislamkeun di Pulo Jawa.

Samulihna ti Mekah, di daérah Lélés anjeunna papendak sareng hiji jalma nunggal. Éta jalma teras disunatan. Tapi ku lantaran teu acan uniangaeun kumaha cara-carana nyunatan, praktékna téh kirang nyugemakeun. Éta jalma nu disunatan téh dugi ka hanteuna. Dina ngajalankeun prakték nyunatan saterasna mah hasil kalawan nyugemakeun.
Di Sempur anjeunna pendak sareng rayina nu sanés nu jeneng janten narpati, sarta dipasihan jenengan Bagus Daka. Saterasna Bagus Daka ngiring ka Sunan Rohmat. Dina lalampahanana mapay–mapay tilas ngislamkeun sateuacanna, anjog ka tempat jalma anu kungsi di sunatan mimiti. Éta layon masih kéneh aya wujudna, teras dipulasara saku-maha biasa, dikubur dina urutna. Palebah kuburanana dipelakan tangkal salam sahiji, sarta éta tempat katelah Salam Nunggal.

Lalampahan saterusna anjeunna arangkat muru Leuweung Tiis. Di perjalanan ngobrolbari nyarioskeun pigarwaeun. Ku Bagus Daka dituduhkeun ka dulur anjeunna nya éta Nyi Mas Pugerwangi, anu tos pahatu lalis. Lalampahanana geus nepi ka nu dituju nya éta ka Cigunung Tiis. Ti dinya Bagus Daka siram, maksudna rék miceun kawedukan nu aya dina salirana. Harita bijil cai caah, léong Bagus Daka kabawa palid nepi ka jauhna. Bagus daka ménta tulung ka Sunan Rohmat, Sunan Rohmat nepak cai caah, dadak sakala éta cai téh saat. Tempat éta nelah Cikawedukan.

Anjeunna arangkat deui muru ka Puger tempatna Nyi Mas Pugerwangi. Ti dinya Sunan Rohmat nikah ka Nyi Mas Pugerwangi lajeng kagingan putra kembar, jenenganana Ali Muhamad sareng Ali Bubakar. Éta murangkalih duanana dirorok ku dulurna Bagus Daka, margi ibuna ngantunkeun waktu babar.

Sunan Rohmat sareng Bagus Daka neraskeun deui lalampahanana ka urut tadi ngislamkeun, nya éta ka Kandang Sérang, Cilegi, jeung Korobokan dugi ka Cihaurbeuti. Di Cihaurbeuti Sunan Rohmat ngantunkeun Bagus Daka, sabab rék ngajugjug ka Mekah, seja nguningakeun hasil ngislamkeun bari ngalongok putrana Bagus Daka, nya éta Tanjung Laya jeung Layang Kamuning anu keur tolab élmu di Mekah.

Sasumpingna ka Kota Mekah, Sunan Rohmat boga niat rék tumetep ngancik di Tanah Arab, tapi teu disaluyuan sabab karunya ka umat nu araya di Pulo Jawa.
Tungtungna anjeunna dipaparin taneuh Mekah sakeupeul, buli – buli, cai jam jam, sareng peti nu dieusian ku batu. Ti ratu jin anjeunna disayagikeun keur tutungganganana, nya éta kuda semprani. Sanggeus kitu diécéskeun yén lamun éta batu nu di jero peti geus gojlég, sarta kudana geus ngaleungit, éta téh mangrupa cicirén yén Sunan Rohmat kedah lirén sarta nyicingan éta tempat.

Gancangna carita, Sunan Rohmat mulih ti Mekahna ngajugjug ka Tanah Jawa bari nyangking amanah.
Sunan Rohmat lirén di hiji tempat, margi batu nu aya di jero peti tos gojlég, sarta kuda nu dianggo tutumpanganana tos ngaleungit. Ku sabab kitu, sakumaha amanah, Sunan Rohmat tumetep ngancik di éta tempat, nelah Kampung Godog, perenahna deukeut Suci, Kabupatén Garut.
Sanggeus kurang leuwih sataun lilana. Seueur jalmi  nu ngaréncangan ka anjeunna, di antarana Sembah Dalem Kandang Sakti, Sembah Dalem Pager Jaya jeung Sembah Dora. Malah loba jalma nu ngarungsi ka tempat éta.

Pamungkas carita, Sunan Rohmat atawa Prabu Kian Santang Aji pada ngadareugdeugan ti mana – mana.

(Diropéa tina Transkrip Idén Suparno, M.Pd.)


Latihan Soal 1


A.    Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap pangmerenahna!

1.     Anu ngaprabon Karajaan Pajajaran téh nya éta ....
a.    Prabu Siliwangi                       d.    Sunan Rohmat
b.    Prabu Kian Santang Aji           é.    Bagus Daka
c.    Garantang Sétra                                
2.     Nu jadi sabab Prabu Kian Santang Aji katingalna ngungun waé, nya éta ...
a.    Hoyong nikah                         d.    Hoyong pitandingeun jurit
b.    Hoyong jadi raja                     é.    Hoyong kagungan rai
c.    Hoyong karajaan

3.     Sanggeus uninga kahoyong putrana kitu, Prabu Siliwangi ngelun para ....
a.    Dayang                                   d.    Ponggawa
b.    Patih                                        é.    Bupati
c.    Dukun
4.     Di antara para ondangan, aya hiji........ nyiliwuri.
a.    nini – nini                               d.    pameget
b.    aki – aki                                  é.    budak leutik
c.    istri
5.     Anu nyebatkeun yén pitandingeun Prabu Kian Santang mah ayana di ....
a.    Mekah                                     d.    Kairo      
b.    Madinah                                  é.    Baghdad
c.    Kabul
6.     Anu jenengan éta lawan téh nya éta ....
a.    Ali Murtado                            d.    Bubakar Ali
b.    Ali Muhamad                          é.    Muhamad Ali
c.    Ali Bubakar
7.     Dina éta wacana dijelaskeun yén watek Prabu Kian Santang Aji téh        ....
a.    soléh                                       d.    nurut
b.    takabur                                    é.    barangasan
c.    handap asor
8.     Pakakas nu diujikeun Ali Murtado ka Kian Santang nya éta ....
a.    kujang                                     d.    péso        
b.    teteken                                    é.    keris
c.    bedog
9.     Palakiah nu diaoskeun ku Bagénda Ali Murtado .....
a.    ayat kursi                                d.    syahadat
b.    surat duha                               é.    ayat 15
c.    surat anas

10.   Tempat dipulasarana layon jalmi nu disunatan téh nelah ....
a.    Haur panggung                        d.    Sancang  
b.    Cibatu                                     é.    Kalapa Nunggal
c.    Salam Nunggal
11.   Tempat miceun élmu Bagus Daka téh nelah ....
a.    Cipanas                                   d.    Ciorok    
b.    Citiis                                       é.    Cicaah
c.    Cikawedukan
12.   Saparantosna anut Islam, jenengan Prabu Kian Santang robih janten ....
a.    Sunan Ampél                          d.    Sunan Rohmat
b.    Sunan Bonang                         é.    Sunan Rohim
c.    Sunan Giri                              
13.   Sunan Rohmat nikah ka Nyi Mas ....
a.    Layang Kamuning                   d.    Pugersari Wangi
b.    Inten Déwata                           é.    Pandan Wangi
c.    Puger Wangi
14.   Rayi Sunan Rohmat anu ngawitan anut Islam ....
a.    Santang Pertéla                        d.    Muhamad
b.    Garantang Sétra                       é.    Bagus Pertéla
c.    Bagus Daka
15.   Sunan Rohmat lirén di hiji tempat anu ayeuna katelah Godog, margi ...nu aya dina peti nu dicandak ku anjeunna parantos gojlég.
a.    buli – buli                               d.    taneuh Mekah
b.    jam jam                                   é.    bata
c.    batu

Komentar

Posting Komentar

Postingan populer dari blog ini

PAKEMAN BASA

KABUDAYAAN SUNDA