Postingan

Menampilkan postingan dari Februari, 2018

WAWACAN

WAWACAN   1            Naskah Kuna: WAWACAN LUTUNG KASARUNG   Ku                 : Drs. H. Rd. Hidayat Suryalaga ASMARANDANA Meureun hidep ge geus nguping, carios sepuh baheula, aya dongeng anu rame, carita pantun asalna, asli dongeng ti Sunda, carita Lutung Kasarung, kieu geura lalakonna. Kacaturkeun hiji wanci, tempatna di Kahiangan, bujangga karempel kabeh, para pohaci harempak, sareng hiji satria, kasep putra Sunan ambu, nu jenengan Guru Minda. Guru Minda hiji wengi, ngimpen tepang sareng mojang, geulis teu aya nu nedeng, ayana di alam dunya, naga Pasir Batang, anjeunna keukeuh rek lungsur, milari ka Pasir Batang. Ibuna maparin widi, nanging kedah salin rupa, Guru Minda anu kasep, gentos rupa janten hewan, hideung lestreng buntutan, disebat Lutung Kasarubng, nembe lungsur ka dunya. KINANTI Ayeu...