PANGAJARAN WAWANCARA
Wangenan Wawancara
Wawancara téh
hiji kagiatan komunikasi nu geus ilahar lumangsung di masarakat. Ngan teu kabéh
masarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara. Wawancara mah biasana
dilakukeun ku wartawan, réporter, atawa jalma lianna nu nganggap perlu, upamana
mahasiswa nu keur ngalakukeun panalungtikan, murid-murid sakola nu meunang
pancén ti guruna, atawa ti lembaga sensus penuduk nu ngawawancara warga.
Wawancara mah kaasup kagiatan
nyarita dua arah. Aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Saméméh ngalakukeun
wawancara, urang perlu tatahar heula.
Sababaraha
hal anu dianggap perlu disadiakeun samemehna di antarana saperti ieu di handap.
§
Keur kaperluan naon?
§
Naon wae nu ditanyakeunana?
§
Saha nu rek ditanya?
§
Ka mana kudu nepunganana?
§
Iraha waktuna?
§
Jeung sajabana.
Kalimah
tanya anu disusun ku urang ulah panjang teuing. Mun bisa mah parondok jeung
togmol (langsung) kana sasaran.
Kalimah
tanya modél di luhur jadi bahan pikeun urang dina waktu geus tepung jeung
narasumber. Narasumber téh jalma nu baris dipénta kateranganana. Narasumber
bisa rupa-rupa, gumantung kana kaperluan pananya. Upama perlu informasi
ngeunaan kasenian, nya datang ka narasumber nu ahli dina widang seni. Upama nu
diwawancarana menteri pendidikan, tangtu nu dipiharep katerangan perkara
pendidikan/atikan. Upama aya jalma nu nganggap perlu meunang katerangan
ngeunaan olahraga, tangtu éta jalma baris ngadatangan jalma nu ahli dina widang
olahraga, upamana atlit, pelatih atawa guru olahragana pisan. Kitu waé
satuluyna.
TAHAPAN - TAHAPAN WAWANCARA
Tahap - tahap Ngawawancara
Narasumber :
Adi Nugraha
S.Sen
(Guru Mata
Pelajaran Seni Budaya SMAN 3 CIAMIS)
Anu ngawawancara :
Anu ngawawancara :
Ai Fitriani Ø Annisa Ø Aulia Tubiroh Ø Indah Yulianti
(Kelas X IIS 2 SMAN 3 CIAMIS )
(Kelas X IIS 2 SMAN 3 CIAMIS )
Sesi
Ngawawancara :
Bubuka dina wawancara
Murid : “Assalamu’alaikum ?”
Pa Adi : “Wa’alaikumsalam.”
Murid : “Bapa hapunten badé ngaganggu waktosna, sim kuring sareng rerencangan di papancenan tugas ku guru Basa Sunda, nyaéta dipiwarang ngawawawancara salah sahiji guru mata pelajaran Bahasa, Atikan sareng Seni Budaya. Kumargi Bapa guru di widang seni budaya, sim kuring sareng réréncangan badé ngawawancara bapa,kumaha Pa sayogi badé diwawancara ku sim kuring sareng rerencangan ?”

Eusi wawancara
Pa Adi : “Nya mangga waé, teras badé naroskeun ngeunaan naon ?”
Murid : “Abdi,badé naroskeun ngeunaan kabudayaan Sunda di jaman ayeuna.
Pa Adi : “Nya mangga.”
Murid : “Kumaha kamandang Bapa ngeunaan kabudayaan Sunda ayeuna ?’’
Pa Adi : “Upami di taliti kabudayaan sunda jaman ayeuna téh pikasediheun.”
Murid : “Naon sababna ?”
Pa Adi : “Nya éta jaman ayeuna mah teu budak ngora teu kolot téh tos jarang nu mikacinta kabudayaanna sorangan,nyaéta budaya sunda.”
Murid : “Kabudayan mangrupa naon anu tos di leungitkeun ku masyarakat

sunda?”
Pa Adi : “sapertos dina bahasa,kabiasaan,sopan santun,sareng sajabana”.
Muridi : “faktor naon waé anu nyababkeun masyarakat sunda henteu apal atanapi henteu mikacinta kana budayana sorangan?”
Pa Adi : “faktor nu nyababkeunna nyaéta,ayana budaya asing,tara ngamumulé budayana, jarang ditampilkeun dina acara-acara adat, jarang komunikasi sareng sajabana”.
Murid : “kumaha carana supaya masyarakat sunda téh mikacinta kana kabudayaanna sorangan?”
Pa Adi : “kudu dimumulé ti ayeuna kénéh éta kabudayaan supaya éta budaya teu leungit atanapi dicokot ku nagara batur,di lestarikeun,dipintonkeun dina acara-acara adat,sareng kudu diajarkeun ka murangkalih supaya pada mikacinta”.

Panutup wawancara
Murid :
“bapa hatur nuhun kana waleranana”. Hapunteun bilih ngaganggu waktos bapa. Wassalamu’alaikum
wr.wb.
Pa Adi : Wa’alaikumsalam wr.wb
Pa Adi : Wa’alaikumsalam wr.wb
CONTO VIDEO WAWANCARA
Latihan Soal 1
Sabada hidep ningali video wawancara di luhur, jawab sababaraha patalékan ieu di handap!
1. Saha ngaran anu ngawawancara téh?
2. Naon ngaran acara wawancara éta téh?
3. Saha ngaran nu diwawancara téh, naon propésina?
4. Tos sabaraha taun Bu Susi damel di kantin BPI?
5. Bangbaluh (keluhan) naon nu dirandapan ku Bu Susi?
6. Sabaraha penghasilan Bu Susi sadintenna?
7. Naon nu dipidamel ku Bu Susi nalika kantin libur?
8. Naha kungsi aya insiden di kantin Bu Susi? Insidén naon éta téh?
9. Ti jam sabaraha dugi ka jam sabaraha Bu Susi damel di kantin?
10. Upami aya pedagang lain, Bu Susi ngaraos kasaingan teu?
Pék wawancara hiji tokoh di masarakat atawa idola hidep, tuluy catet hasil jeung léngkah-léngkah wawancarana pidangkeun di hareupeun babaturan kelas!
NO.
|
ASPEK
PENILAIAN
|
BOBOT NILAI
|
SKOR
|
A
|
Ngagunakeun Basa
|
5-25
|
|
1.
|
Pelafalan & Intonasi
|
||
2.
|
Diksi, gaya basa, & undak usuk bahasa
|
||
3.
|
Struktur basa (Bentuk kecep & kalimah)
|
||
B
|
Organisasi &Sistem Laporan
|
5-25
|
|
1.
|
Kasaluyuan patalékan kana topik
|
||
2.
|
Urutan uraian sistematis
|
||
C
|
Pangawasaan Eusi
|
5-25
|
|
1.
|
Pangawasaan eusi
|
||
2.
|
Pamahaman
|
||
D
|
Penampilan
(Ekspresi)
|
5-25
|
|
1.
|
Gesture (paroman & gerak)
|
||
2.
|
Kreasi, gaya, & lancarna nyarita (tutur)
|

Komentar
Posting Komentar